Caah Bulan Desember i

Miceun kapeurih ku budah Bir. Beungeut anjeun palid, bareng jeung teurab. Cahya lilin ngengklak luhureun meja, mawa iber, harepan hiber, ka bawa caah bulan Desember.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: Tragedi akhir taun, Ang. Emh...... kalakuan jelema nya?!
  2. Iwan Hanjuang: tetetetetetettttttttttt.....
  3. Apoedy Sarah Ihsan: mugia mangkin sakedik anu ti teuleum.. hiks..
  4. Godi Suwarna: :"Pondok nyodok yeuh fikmin teh. Kantenan lebah budah bir sareng teurabna. Mangkaning tereh malem taun baru. Duh..."
  5. Iwan R Jayasetiawan: Wiljeng siang Kang Ahmad Yani,janten emut kana lag"u Badai Bulan Desember" na AKA,nyambung teu heheheh
  6. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyati : Nyawang raga, nu di ayun ambing ku waktu. anteng ngahenen, nyumput na jangjang zaman. bari teu engeuh, di lebah mana ajal ragragna?, di dasar lamping nu gurawes, seuseukeut batu nyerengeh !, sono ngangseu hanyir getih manehna !. Ambuinggg .... rek iraha uing elingna ?.
  7. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Tarompet taun anyar, di tiup sapanjang jalan !. Koceakna!, awor jeung motahna hate, nu teu ieh inget kana tempat pangbalikkan !. Tarompet taun anyar...aweuhan sorana, les-lesan ... nyegruk dina tumpukan runtah nu ngahunyud di jero dada nu nariupna !!
  8. Ahmad Yani: @Apoedy Sarah Ihsan : He he he he ... mudah-mudahan Ang !, mingkin dieu, cing mingkin harideng maca isyarat zaman !
  9. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Janten tambih ku mejot, hoyong nyawang ka mangsa kapungkur. Nyeuseup hakekat hirup, tina mangpirang-pirang isyarat nu tos di rindatkeun ku para karuhun ! he he he !!
  10. Riyono Afdfvm: Saur lagu /rif band mah...Badai Bulan Desember.....hahahaa
  11. Ahmad Yani: @Kang Iwan R Jaya Setiawan : Ambuingggg .... " Badai Di Bulan Desember !!", lagu lameumeut, nu upami teu lepat, di haleuangkeun ku Neng Emilia Contesssa !! . Duh ... matak ketir... Badai ...di bulan Desember........ ! D e s e m m m b e rrrrrr !!!! ". Nyambung pisan Ang ! heu heu heu !
  12. Irman Dimyatie: Desember mah ceria saur Teh Vina Panduwinata mah.....
  13. Ahmad Yani: @Riyono Afdfvm : he he he he ... iraha urang tiasa pareng , angkleung-angkleungan di na luhureun cai nu umpal-umpalan di Bulan Desember ??? xixixixixixxixi !
  14. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyati : He he he he he... Benten penggemar Vina Panduwinata mah !!. Ceriaaaaa... terus ..sepanjang masa ! ha ha ha !!!
  15. Hadi Aks: Bir hitam langkung mantap, Ang! Cak mun teu mekel ka Kebon Seni! Hahaha
  16. Ahmad Yani: @Kang Hadi Aks : Siappppppp !!!, urang sasarengan di kocrotkeun kana Batagor !! ha ha ha ha ha ...!
  17. Iwan R Jayasetiawan: Duh Kang Ahmad Yani,ulah kumawanton angkleung-angkleungan dina cai nu umpal2 lan.Mending pageye-geye dina cai karinget tiis haahahah
  18. Iwan R Jayasetiawan: Hapunten .Cad! urang sami-sami Lohor heula .Waslm
  19. Yanti Sri Budiarti: Angger ari tos ngojay teh...kade tikerelep! heheh
  20. Teti Taryani: kapeurih na tungtung taun ... dikojaykeun dina bir nu ngabudah... eum!
  21. Endah Dinda Jenura: hati-hati. fikmin inih mengandung alkohol 4%. euuuuuuu.... --teurab
  22. Nana Sukmana: Kumaha upami dipalidkeunana ku lahang janari anu amis tiis tea. Si geulis bakal langkung tebih kapalidkeunna teh.
  23. Jojo Johari: Budah bir teh nu sok kabawa ku lambak basa nyimbeuh kikisik nu ngampar sisi basisir tea? ..heuheuheu
  24. Ahmad Yani: @yanti Sri Budiarti : Telat ngawartosan teh !!, ambuing... ieu patuangan tos bungkang pinuh ku cai !! ha ha ha ha !!
  25. Eel Nurlaela: eta mah budaaya baturrrr pangintennn kang ! hehehhhe
  26. Ahmad Yani: @Teti Taryani : He he he he ... Bir mah mung ukur botolna teteh , da lebetna mah cai herang ! ha ha ha ha !!
  27. Ahmad Yani: @Endah Dinda Jenura : Hi hi hi hi waktos ngadamel ieu fikmin teh, nuju emut kana talajakna Cep Sutarji Calzoum Bahri Kapungkur , heu heu heu ngulem anjeunna maos sajak di IKIP Bandung taun 1985. Haduhhhh panitia kabobolan.... seep dua kerat !, untung ka upahan ku " Mesin Kawin " hi hi hi hi hi !!!
  28. Ahmad Yani: @Kang Nana Sukmana : Sumuhun Nun !, nembe ka emut, rupina bakal langkung payus upami di gentos ku Lahang Janari nu amis tiis !, siappp... seja di estukeun pisan Ang ! hatur sewu nuhun kana panekena ! he he he !
  29. Ahmad Yani: @ Jojo Johari : Heu heu heu ,,,sumuhun eta pisan Ang Jojo !, budah nu palid kana basisir , teras di rawu, dilebetkeun kana baskom, di campuran ku gula kawung sa gandu, nu tos di siksikan, Teras di kocek , wah cobi wae raosan. moal teu ongkek gera !! ha ha ha ha !!
  30. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : Sumuhun Nun !, budaya nu teu kengeng di turutan !, heu heu heu .... Eta mah bane we nuju baluweng pisan saurna !, tapi ketang da mung botolna wungkul , lebetna mah mung cai herang !! he he he he he *( Alesan da sieun di ..takol ! xixxixixi ! )
  31. Eel Nurlaela: saness di takoll deuiii kang ! ku abdi mahhh di banjurkeunnnnn tahhh
  32. Ambuna Kaka: pedoooooooooooo, azib uy!
  33. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : Ambuinggg ...sugan teh teu Galak !!!! ??? Tobatttt !!!
  34. Ahmad Yani: @ Ambuna Kaka : .... PEDO teh naon ? ( Perut Domba ! Kitu ??? ) ha ha ha ha ha ha ha ha ha !!!
  35. Yadi Sutomo: Akang tos nelepon ka Gatotkaca,.. ke nu hiber dipangnewakkeun cenah,....
  36. Ahmad Yani: @Kang Yadi Sutomo : Asa kaleresan, di mana pendak sareng Gatot Kaca ?, pang wartoskeun Bi Uneh nagih artos tilas Lotek ,kituh ! ha ha ha ha ha ha !
  37. Yusuf S. Martawidenda: Sing sabar atuh jang. Mun aya kapeurih tong lumpat katu kitu.. kalah tambah masalah.. istigfar ..
  38. Ahmad Yani: @Kang Yusuf S Martawidenda : Heu heu heu seja diestukeun pisan, saurna teh !, engke mah bade di gentos ku Cai Lahang , saurna ! heu heu heu ! ( haturan Wilujeng Wengi ! Ang ! )
  39. Ya Soebarta: Edaaaaas, rib na si akang mah matak malidkeun...!!! raoooos.
  40. Ahmad Yani: @ Ya Soebarta : HJ hi hi hi hi hi hi .. RIB ... tea atuh Ang !! edunnnnnnn !!!! heu heu !
  41. Dadang Soekanda: Aya kenangan naonnya ? Curiga !
  42. Sonny Bastoni: Geus biasa ari urang cimahimah mun ahir desember teh sok milu palid dina caah budah bir,,moal miluan ayeunamah geus kolot.
  43. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Aya kalakay katapang ,nu kungsi murag pa sosore, katebak angin di Basisir Batu Hiu. Ku uing di udag, miharep kalakay teu antel jeung keusik. Tapi Edas... eta kalakay kalah ngajaul mumbul ngawang-ngawang... Entreup kana taktak deungeun urang Batawi . Harita uing kakara yakin yen getih teh amis, basa ngegel curuk tarik teuing ..... ha ha ha ha ha ha ha !!!
  44. Ahmad Yani: @Kang Sonny Bastoni : Ha ha ha ha ha ha ha..... ambuing ...! sasama urang Cimahi, omat ulah geruh !!!, da ... urutna ge di piceun tarapti, dina handapeun tangkal caringin, di daerah Warung Kaweni ! ha ha ha ha ha ha ha ( Haturan Ang ! wilujeng tepang deui !, kamana wae atuh salira teh. lawas teu tepang !!! ha ha ha )
  45. Sonny Bastoni: puguh keur nyepi di santiong hayang ngelehkeun ahmad yani di fikmin tapi keukeuh teu bisa lain babad jiganamah.
  46. Ahmad Yani: @Sonny Bastoni : Heu heu heu . Rame ayeuna mah di Daerah Santiong teh, teu sapertos Zaman kapungkur, langkung ti tabuh 5 sore teh, tos taya nu wantun ngulampreng, komo lebah tangkal caringin badag na mah , matak muruluk bulu punduk ..ha ha ha ! .